contoh pangalaman pikabungaheun
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Nulis pangalaman pikabungaheun nyaeta nulis carita anu asupna kana kategori pangalaman pribadi. Aya dua rupa tulisan ngeunaan pangalaman nyaeta pangalaman pribadi jeung catetan poean. Dina nulis pangalaman pribadi carana teu beda jeung nulis karya sastra dina wangun lancaran atawa prosa, saperti carita pondok atawa carpon.
Pembahasan
Di handap ieu nyaeta conto tulisan pangalaman pribadi anu eusina mangrupa pangalaman pikabungaheun:
Pangalaman Pikabungaheun
Waktu kuring katarima sakola di SMP, kacida kuring ngarasa bungah, sabab eta sakola teh katelahna sakola nu pangalusna di kota kuring. Kusabab kuring katarima di sakola idaman, kuring diajarna teh sumanget jeung getol. Unggal diajar di kelas, kuring sumanget ngabandungan bapa guru jeung ibu guru ngajar, kitu oge lamun diajar di imah kuring.
Dina waktuna dibagi rapor semester ganjil di kelas tujuh, kacida kuring ngarasa bungah jeung ngarasa reueus, sabab kuring harita teh jadi juara kelas. Geuning kacida bungah jeung rarasaan teh reugreug ari jadi juara kelas teh, beda jeung waktu meunang peunteun goreng dina hiji pangajaran.
Ku babaturan dideukeutan ari jadi juara kelas mah, ku guru dipikaresep jeung tangtu ku anu jadi kolot oge jadi leuwih dipikanyaah. Tapi beda waktu meunang peunteun goreng dina hiji pangajaran mah, henteu aya rasa reueus malahan sedih nu aya, babaturan rarasaan teh ngajauhan, kitu oge euweuh guru nu mikaresep, sanajan anu jadi kolot mah tetep wae mikanyaah.
Ku ayana kuring bisa jadi juara kelas teh, kuring jadi yakin yen sagala usaha anu dilakukeun teh bisa ngahasilkeun hal anu positif jeung pikabungaheun. Kitu oge kuring jadi leuwih yakin yen ceuk paribasa mah lamun urang hayang manggih turunan urang kudu neangan tanjakan. Lamun urang hayang manggih kabungah, urang kudu daek cape heula.
Pelajari lebih lanjut
- Pengertian pangalaman dina basa Sunda https://brainly.co.id/tugas/8772631
- Pengertian pangalaman pribadi https://brainly.co.id/tugas/9148283
- Bedana pangalaman pribadi jeung catetan poean https://brainly.co.id/tugas/4258931
__________
Detil Jawaban
Kelas : VII
Mapel : Bahasa Sunda - Pangalaman Pribadi
Bab : 4
Kode : 7.13.4
Kata Kunci : Pangalaman pikabungaheun