B. Daerah

Pertanyaan

Conto wawangsalan minimal 5 pada

1 Jawaban

  • Anu perlu dilakukeun sangkan urang bisa jeung ngarti dina nulis conto wawangsalan nyaeta urang kudu mikawanoh heula naon anu disebut wawangsaln teh. Wawangsalan nyaeta salahsahiji rupa tina sisindiran. Sisindiran teh kaasup kana karya sastra dins wangun ugeran atawa puisi. Aya tilu rupa sisindiran nyaeta wawangsalan, rarakitan jeung paparikan.  

    Pembahasan

    Dina sapada wawangsalan aya dua padalisan. Sedengkeun dina sapada rarakitan jeung paparikan aya opat padalisan. Dina unggap padalisan sisindiran biasana aya dalapan engang. Ditilik tina eusina, aya tilu rupa sisindiran nyaeta sisindiran nu eusina piwuruk, silihasih jeung sesebred atawa heureuy. Dina sisindiran aya bagean cangkang atawa sampiran jeung bagean eusi. Di handap ieu nyaeta lima pada conto wawangsalan:

    1. Abdi teh kapiring leutik, kaisinan ku gamparan (pisin)
    2. Beas ditutuan deui, iraha bisa patepung (tipung)
    3. Cakcak gede kadal bilik, ulah dipake mokaha (toke)
    4. Dagangan pangrapet surat, mun kitu abdi mah alim (elim)
    5. Gedong ngambang di sagara, kapalang wawuh jeung nyai (kapal)
    6. Kararas daun kalapa, teu aya nu ngabangbrangkeun (barangbang)

    Dina wawangsalan, padlisan kahiji mangrupa cangkang, padalisan kadua mangrupa eusi. Sedengkeun dina rarakitan jeung paparikan mah padalisan kahiji jeung kadua mangrupa cangkang, padalisan katilu jeung kaopat mangrupa eusi. Purwakanti antar padalisan dina wawangsalan henteu siga dina rarakitan atawa paparikan anu bisa sacara jelas kaciri.

    Purwakanti antar padalisan dina wawangsalan nyaeta yen harti padalisan kahiji kecapna murwakanti jeung kecap nu aya dina padalisan kadua. Contona saperti wawangsalan no hiji di luhur, harti padalisan kahiji nyaeta pisin (Abdi teh kapiring leutik, piring leutik sarua hartina jeung pisin) murwakanti jeung kecap kaisinan (pisin murwakanti jeung kaisinan). Kitu oge tipung murwakanti jeung patepung, toke jeung dipake, jeung saterusna.    

    Pelajari lebih lanjut

    • Rupa rupa sisindiran https://brainly.co.id/tugas/11754912
    • Bagian-bagian sisindiran https://brainly.co.id/tugas/12839746
    • Contoh pantun menyindir sifat teman https://brainly.co.id/tugas/13484791

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : VIII

    Mapel : Bahasa Sunda - Sisindiran

    Bab : 4

    Kode : 8.13.4

    Kata Kunci : Conto wawangsalan

Pertanyaan Lainnya