B. Daerah

Pertanyaan

Jieun kalimat ti kecap dihandap ieu :
1. Astana gede
2. Desa gunung leutik
3. Pondok gede
4. Ceker hayam
5. Maraban domba
6. Leutik burih
7. Hulu peutieun
8. Mapatahan ngojai kamri
9. Lauk buruk milu mijah
10. Asa di tonjok congcot
mohon bantuannya ya sekarang juga

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Bahasan Pakeman Basa
    Kelas : XI (2 SMA)
    Pembahasan :

    Dina basa Sunda aya sawatara kecap atawa kekecapan anu bisa digunakeun boh dina kalimah lemes boh dina kalimah kasar, sanajan eta kecap atawa kekecapan teh mangruka kecap atawa kekecapan anu kaasup kana kecap kasar.

    Biasana kecap atawa kekecapan anu kitu teh nyaeta saperti kekecapan anu aya dina pakeman basa, ngaran patempatan, kecap pagawean saperti mere dahar ka sasatoan, jeung sajabana ti eta. Sanajan aya dina kalimah lemes, eta kekecapan teh henteu perlu dirobah jadi kekecapan anu lemes.

    Di handap ieu sawatara kalimah lemes anu ngagunakeun kecap atawa kekecapan kasar anu aya dina pakeman basa, ngaran patempatan, kecap pagawean saperti mere dahar ka sasatoan, jeung sajabana ti eta :

    1. Dina waktos liburan sakola minggu kamari abdi sareng kulawargi ameng ka Astana Gede anu ayana di Kawali
    2. Budi ayeuna didamelna di kantor Desa Gunung Leutik
    3. Dinten Minggu kamari abdi wangsul ti Pondok Gede sareng pun adi
    4. Sanaos seratannana teh sapertos ceker hayam, tapi masih tiasa keneh kaaos
    5. Kang Amir unggal enjing sok maraban domba
    6. Ari janten pamingpin mah kedah kagungan wawanen atuh, ulah leutik burih sapertos kitu
    7. Hulu peutieun teh sae kanggo petinju mah, margi sirahna sesah kateunggeul ku lawanna
    8. Ngawartosan matematika ka Amir mah atuh sapertos mapatahan ngojay ka meri
    9. Ari janten jalmi teh ulah sapertos lauk buruk milu mijah, kedah gaduh pamadegan anu maneuh
    10. Ngadangu putrana katampi ka perguruan tinggi, Pa Guru saurna asa ditonjok congcot

Pertanyaan Lainnya