basa sundanya ayam jantan,ayam betina,jerapah,angsa,sapi,buaya
B. Daerah
sulisnabila26
Pertanyaan
basa sundanya ayam jantan,ayam betina,jerapah,angsa,sapi,buaya
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Ayam jantan : hayam jago atawa sok disebut jago wungkul. Bisa oge hayam jalu.
Ayam betina : hayam bikang.
Jerapah : jarapah atawa jerapah. Dina basa Sunda loba kecap anu tadina asalna tina basa Indonesia jeung diawalan ku huruf saperti "je", "se", diganti jadi "ja", "sa", saperti jerapah jadi jarapah, sepeda jadi sapeda, jeung saterusna. Kadang-kadang lamun dina obrolan poho kecap basa Sundana tapi inget kecap basa Indonesiana, mangka sering digunakeun pola eta. Sanajan kadang-kadang eta salah, tapi paling henteu "kesan" Sundana aya, saperti terjemah jadi tarjamah, berangkat jadi barangkat, tertib jadi tartib, tetangga jadi tatangga. Eta kecap teh aya nu jadi baku aya nu henteu.
Angsa : soang
Sapi : sapi
Buaya : buaya atawa buhaya