3. Naon maksudna ungkara datangna teu mere nyaho,ngageretak taya tempo 4. Naon maksudna ungkaraTaya beurang Taya peuting , Taya Raja taya kuring. (yg ada di pup
B. Daerah
Azharmalik2538
Pertanyaan
3. Naon maksudna ungkara "datangna teu mere nyaho,ngageretak taya tempo"
4. Naon maksudna ungkara"Taya beurang Taya peuting , Taya Raja taya kuring.
(yg ada di pupujian pepeling)
5. Naon anu pasti bakal karandapan ku unggal jalma teh
4. Naon maksudna ungkara"Taya beurang Taya peuting , Taya Raja taya kuring.
(yg ada di pupujian pepeling)
5. Naon anu pasti bakal karandapan ku unggal jalma teh
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Pupujian
Kelas : VII (1 SMP)
Pembahasan :
Ungkara atawa kekecapan anu di luhur teh nyaeta ungkara anu aya dina hiji pupujian anu miboga judul "Geura Saradia". Ditilik tina rumpakana, pupujian teh kaasupna kana karya sastra dina wangun puisi. Aya dua rupa puisi Sunda, umpama ditilik tina wangun eusina, nyaeta puisi anu eusina mangrupa carita jeung puisi anu eusina henteu mangrupa carita.
Pupujian kaasupna kana wangun puisi anu eusina henteu mangrupa carita. Conto puisi Sunda lianna anu eusina henteu mangrupa carita, salian ti pupujian, nyaeta saperti sisindiran, guguritan, mantra, kawih jeung sajak. Sedengkeun conto puisi Sunda anu eusina mangrupa carita nyaeta saperti wawacan jeung carita pantun.
1. Anu dimaksud ku ungkara "datangna teu mere nyaho, ngageretak taya tempo" nyaeta maot anu ngadodoho.
2. Anu dimaksud ku ungkara "Taya beurang taya peuting, taya raja taya kuring" nyaeta iraha wae jeung saha wae, dimana ajal geus sumping, teu meunang tempo.
3. Anu pasti bakal karandapan ku unggal jalma teh nyaeta maot.
Sanajan dina pupujian teh aya unsur-unsur sastra atawa puisi anu bisa ngajadikeun eusi rumpaka pupujian alus tur endah, saperti unsur purwakanti jeung gaya basa, pupujian kaasup kana wangun puisi anu henteu kaiket ku aturan. Ditilik tina wangun rumpakana, aya dua rupa puisi Sunda, nyaeta puisi anu kaiket ku aturan jeung puisi anu henteu kaiket ku aturan.
Conto puisi Sunda lianna anu henteu kaiket ku aturan, salian ti pupujan, nyaeta saperi sajak, mantra jeung kawih. Sedengkeun conto puisi Sunda anu kaiket ku aturan nyaeta saperti wawacan jeung guguritan, anu kaiket ku aturan pupuh.